Daftar Tamu

Strip kode cbox sobat

close

Jumat, 22 April 2016

Wawancara ka pabrik bolu " BOLU ASLI KHAS LEBARAN "

WAWANCARA KA
PABRIK BOLU ”BOLU ASLI KHAS
LEBARAN”


KELOMPOK “DADSY”:
1. ANINDA HASNAH
2. DENTI KUSUMAH
3. DILLA FADILLAH
4. SOFA SOFIATUNNISA
5. YUSUF ASMAWI

MTs NEGERI CIAMIS
Jl.Panyingkiran No.70 CIAMIS Tlp.(0265)772729
Email:mtsnmodelciamiscms@yahoo.co.id
Kode pos:46251




WAWANCARA KA
PABRIK BOLU “BOLUASLI KHAS LEBARAN”
PROFIL NU KAGUNGAN:
Wasta: Ibu Lisnawati sareng Bapak Dede Azis
Yuswa:24 thn (Ibu Lisna) 30 thn (Bpk Dede)
Alamat:Selaawi Rt.02 Rw.09
Sadayana sareng Bu Lisna salianti Yusuf Asmawi
TRANSKRIP WAWANCARA:
Sadaya:”Assalamu’alaikum wr.wb.”
Bu Lisna:”Wa’alaikumsalam wr.wb”
Sadaya:”Bu,ngiring waktosna sakedap,bade ngawawancara
kangge tugas Bahasa Sunda.”
Bu Lisna:”Muhun,mangga kalebet”
Yusuf:”Bu,naon nami pabrik ieu?”
Bu Lisna:”Bolu Asli Khas Lebaran”
Aninda:”Tahun sabaraha pabrik ieu dibangun?”
Bu Lisna:”Tahun 2004.”
Denti:”Sabaraha luas bangunan na?”
Bu Lisna:”9 (salapan) bata.”
Dilla:”Naon alesan nana ngadamel pabrik ieu?”
Bu Lisna:”Kanggo ngabuka lapangan pekerjaan”
Sofa:”Naon alesan Ibu ngadamel pabrikna,pabrik bolu
sanes pabrik nu sejen?”
Bu Lisna:”Da,katiasana oge ngadamel bolu.”
Yusuf:”Kamana wae dipasarkeun na ieu bolu?”
Bu Lisna:”Ka pasar,ka grosir,ka Kota Bogor sareng Banten.”
Aninda:”Tos pernah ngalami karugian?tahun sabaraha?”
Bu Lisna:”Alhamdulillah,teu acan.”
Denti:”Aya sabaraha jalmi,nu damel di dieu?”
Bu Lisna:”Pameget aya 6 (genep) urang sareng istrina aya 3
(tilu) urang.”
Dilla:”Dina sadinten tiasa ngadamel sabaraha bungkus?”
Bu Lisna:”1000 (sarebu) bungkus.”
Sofa:”Tiasa tahan sabaraha lami bolu na,teh?”
Bu Lisna:”Sasasih.”
Yusuf:”Upami bolu nu tos teu ka anggo sok di kamanakeun?”
Bu Lisna:”Aya nu dikeringkeun pami masih sae keneh,tapi pami
tos awon pisan mah sok kangge parab lauk sareng parab
hayam.”
Aninda:”Sabaraha harga na?”
Bu Lisna:”Pami meser langsung kadieu mah Rp.3500,00;,pami
nu ngical mah Rp.4000,00;,sareng pami di warung mah
Rp.5000,00;.”
Denti:”Dina sabungkus na aya sabaraha hiji?”
Bu Lisna:”10 (sapuluh) buah.”
Dilla:”Dina bulan naon nu pang seer na ngajual bolu?”
Bu Lisna:”Pami tos caket kana lebaran.”
Sofa:”Tos kagungan cabang?dimana wae cabangna?”
Bu Lisna:”Teu acan,nuju rencana.”
Yusup:”Kawitna Ibu penghasilan sabulan,sabaraha?”
Bu Lisna:”Rata-rata saminggu Rp.1.000.000,00;,janten dina
sabulanna Rp.4.000.000,00;.”
Aninda:”Sok nyeepkeun sabaraha Kg bahan dina sadinten?”
Bu Lisna:”60 Kg endog,60 Kg gula,8 Ons tipung tarigu,tipung
beas sareng paneli.”
Denti:”Kawitna bentuk bolu nu didamel teh aya sabaraha rupi?”
Bu Lisna:”Bentukna 2 (dua) rupi,mung bahanna mah sami.”
Dilla:”Naon wae bahan anu diperyogikeun kanggo ngadamel
bolu?”
Bu Lisna:”1 Kg gula bodas,1Kg endog,8 Ons tarigu,4 paneli,1/4
tipung beas sareng minyak sayur.”
Sofa:”Kumaha cara ngadamelna?”
Bu Lisna:”kocok telur dina wadah teras lebetkeun gula diaduk
sina dugi ka kentel salajengna lebetkeun tipung tarigu,tipung
beas sareng paneli,saatos kitu diaduk dugika sina
lembut,oleskeun lisah kana cetakkan supados heunteu rapet teras
adonan nu tadi lebetkeun kana citakan saatos kitu lebetkeun
kana loyang teras di open.”
Adonan anu siap pakai
Ngalebetan loyangna ku adonan
Proses dipanggangna
KESIMPULAN:
Tina hasil wawancara anu tos dilaksanakeun ku kelompok
DADSY ka pabrik anu ngadamel atanapi memproduksi bolu,tiasa di
simpulkeun bahwa:
Pabrik bolu nu di wawancara ku kelompok DADSY teh namina
“Pabrik Bolu Asli Khas Lebaran”,pabrik ieu dibangun dina tahun
2004 anu luasna 9 (salapan) bata.Alesan na ngadamel pabrik ieu teh
saurna “Kanggo ngabuka lapangan pekerjaan kanggo anu teu gaduh
padamelan,sareng da katiasana oge ngadamel bolu.”
Produk nu dihasilkeun teh biasana dijual ka toko-toko atanapi
warung sareng pasar,kadang oge dugi ka luar Ciamis,misalna ka
Banten sareng ka Bogor.Dina salami pabrik ieu di kelola saurna teh
“Alhamdulillah,teu acan pernah ngalami karugian.”Padamel dina ieu
pabrik teh aya 9 (salapan) urang anu terdiri tina 6 (genep) pameget
sareng 3 (tilu) istri.
Dina sadinten pabrik ieu tiasa ngahasilkeu 1000 (sarebu)
bungkus,anu tiasa tahan salami sasasih.Biasana bolu nu tos teu ka
anggo teh sok aya nu di keringkeun pami sae keneh,tapi pami tos
reksak mah sok di buang atanapi dijantenkeun paraab lauk sareng
hayam.Harga na teh,pami meser langsung ka pabrikna
Rp.3.500,00;,pami meser ka penjualna Rp.4.000,00;,tapi pami meser
na ka warung mah Rp.5.000,00;.
Bahan nu dianggo teh diantarana 60 Kg endog,60 Kg gula,8 Ons
tipung beas sareng paneli sacekapna.Bolu nu di damel teh aya 2 jenis
tapi bahan na sami.Dina sakali ngadamel bolu teh cekap ku 1 Kg
endog,1 Kg gula,8 Ons tipung beas sareng 4 paneli.
Cara ngadamel na bolu teh nyaeta:kocok telur dina wadah teras
lebetkeun gula diaduk sina dugi ka kentel salajengna lebetkeun tipung
tarigu,tipung beas sareng paneli,saatos kitu diaduk dugika sina
lembut,oleskeun lisah kana cetakkan supados heunteu rapet teras
adonan nu tadi lebetkeun kana citakan saatos kitu lebetkeun kana
loyang teras di open.
FOTO-FOTO
KAGIATAN WAWANCARA
    
ۓ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar