Daftar Tamu

Strip kode cbox sobat

close

Minggu, 17 April 2016

pidato perpisahan kelas 6 b.sunda

Assalamualaikum wr. Wb
Alhamdulillahirobbil ngalamin washolatu wassalamu ngala asrofil ambiyai walmursalin
waala alihi wasohbihi ajmangin. Robbi Shrohli Sodri Wa Yassirli Amri Wahlul U'datan Milithani
Yafqohu Qauli ammabadu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT.
Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah
taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas
genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna
urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan
ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos
ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru
ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa,
bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan
ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu
mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Usikum Wanafsi Bitaqwallah Wassalamu’alaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar