Daftar Tamu

Strip kode cbox sobat

close

Minggu, 17 April 2016

pidato

Paturay Tineung
Assalamu’alaikum Wr Wb.

          Ibu Kapala Sakola anu ku simkuring dipikahormat, Ibu sareng Bapa Guru anu sami  ku simkuring dipikahormat. Teu hilap, rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.
          Puji sareng syukur urang panjatkeun ka Allah Swt., anu parantos masihan kanikmatan ka urang saday. Sholawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjunan Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Alhamdulillah dina danget ieu, urang sadaya tiasa ngariung dina raraga Paturay Tineung.
          Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.
          Simkuring sareng rerencangan bade ngahaturkeun nuhun ka Ibu sareng Bapa Guru anu tos ngajar simkuring di sakola ieu. Kantenan wae, tos genep taun simkuring di sakola ieu. Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana.
          Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan. Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan.
          Teu hilap, kanggo adi-adi anu masih keneh diajar di ieu sakola, supaya diajar sing enya-enya. Lamun bae urang katinggaleun diajar, pasti bakal katinggaleun dina sagalana.
          Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu langkung luhur. Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Haputen bilih aya kalepatan.

Wabillahi taufik wal hidayah

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar