Daftar Tamu

Strip kode cbox sobat

close

Minggu, 17 April 2016

pidato

Bismilaahirrohmanirrohiim,
Assalaamual'aikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakramana.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, katut para sepuh nu hadir di ieu tempat,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,


Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.

Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru. Kitu ogé ka almamater urang sadaya, mugia sakola ieu sing langkung nanjeur ku préstasi-préstasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar